TALANGKE
“Ferdi…!Ferdi…!iyeuh…
Ferdi,geura gugah. Hei Ferdi,tos beurang buru bisi kabeurangan” ceuk umi
ngahudangkeun kuring. “Astagfirullah,jam sabaraha ieu mi?” ceuk kuring sabari reuwas.
“Setengah tujuh,hayo atuh tong diuk wae,geura mandi” ceuk umi
Enggeus sagalana beres,kuring lumpat ngaberebet buburu asup kana
angkot. “Haduh cape oge ningnya lulumpatan teh,untungna aya keneh angkot nu
kakalerkeun” kuring nyarita. Teu lila ti harita kuring ngalamun sabari
mikir,”Lamun kuring teh SUPERMAN,mereunan moal cape jiga kieu…. Kamamana teh
kari ngapung jeung ngapung,komo deui lamun geus aya awewe nu gareulis pasti we
sing sarurak barogoh ka kuring. Duh endahna jadi SUPERMAN” gerentes kuring na
hate.
JELEGER….! Kuring reuwas ngadenge eta sora,para panumpang silih
Tanya ngadenge eta sora. Pas pelebah pengkolan katingali dua mobil raringsek
siga nu tos aya kacilakaan. Teu lami kitu aya panumpang asup kana
angkot,panumpang eta nyarita yen bieu aya kacilakaan mobil nabrak mobil. Saking
ku tarikna,eta sopir sareng panumpang nu aya di eta mobil,sadayana mararaot.
“Innalillahi” saur para panumpang. Ngadenge eta carita kuring ngabirigidig jadi
palalaur,paur yen ieu angkot ngalaman kos eta kajadian. Kulantaran eta
kacilakaan,jalan jadi macet. Kuring kabayang keneh ku kajadian tadi,”Lamun
kuring anu aya di eta angkot,sigana kuring ayeuna geus maot. Di asupkeun kana
pasaran,di gogotong ku warga,terus di kuburkeun. Mangkaning kuring can menang
amal nanaon di dunia teh,ngalakonan dosa we jeung dosa,teu kabayang kuring di
akherat lamun asup ka naraka. I….ih sararieun kuring mah ngabayangkeunana ge.
Teu lila angkot nu kuring di tumpangan maju deui. Saenggeus
ngaliwatan dua pengkolan,kuring nepi ka sakola. Barang nepi gerbang sakola geus
di tutup,”Aduh”kuring nyarita. Ti dinya kuring bingung kudu kumaha,teu lila
penjaga sakola dating,terus naros ka kuring ”Ferdi,ku naon telat?” taros
penjaga sakola. “Punten pa abdi gugahna kasiangan,terus bieu macet di jalan,aya
nu kacilakaan pa” ceuk kuring. “Hayo ayeuna mah geura ka kelas ngan wayahna di
poin” ceuk penjaga sakola, “Muhun pa,hatur nuhun” ceuk kuring. Kuring buburu
asup ka kelas,barang nepi di hareup kelas katempo aya guru nu keur ngajar.
“Assalamua’laikum” ceuk kuring. “Wa’alaikum salam Ferdi ku naon telat…?” taros
guru. “Punten pa abdi gugahna kasiangan,terus bieu macet di jalan,aya nu
kacilakaan pa” tembal kuring. “Tong sakali-kali deui nya!” ceuk guru. “Muhun
pa” ceuk kuring.
Saenggeus pangajaran ka hiji beres,kuring hilap yen ayeuna aya
tugas ngarang carpon sunda. Kuring geus bingung deui,mangkaning teu saeutik eta
carpon sunda teh,tilu kaca kertas HVS. Kuring teu piker panjang,kuring muka
buku ngarjakeun eta carpon. Kata hiji kata kuring tulis nepika kabentuk hiji
paragraph,saenggeus kuring maca eta paragraph kuring ngarasa ieu paragraph teh
teu nyambung,kuring soekeun ieu kertas alungkeun kana kolong bangku. Kuring
ngulang deui nulis carpon,kata hiji kata kuring tulis deui nepi ka kabentuk dua
paragraph. Kuring maca deui ieu paragraph,ngaharep tulisan paragraph ieu bakal
bener. “Naha paragraph teh makin teu nyambung kieu…?” kuring nyarita. Kuring
soekeun deui ieu kertas alungkeun kana kolong bangku. Kuring teu ka pikir yen
ngajieun carpon sunda teh sahese ieu,lamun nyaho kieu kuring neangan dina
internet,gampang-gampang teu kudu harese mikir siga kieu “Haduuuh,hese oge
ningnya ngajieun carpon teh” kuring nyarita. Saking ku hesena ieu carpon,kuring
nepika ngalamun deui “Sigana lamun kuring boga lampu ajaib jiga ALADIN,meureun
moal hese kieu. Kuring rek nitah ka jin eta lampu ngerjakeun carpon sunda. Pan
geunah kuring,lamun hayang nanaon kari nitah,lamun butuh nanaon tinggal menta
ka si jin. Haduh kunaonnya lain kuring we atuh nu menang eta lampu ajaib…?
Nasib… .nasib” gerentes dina pikiran kuring
Barang kuring keur ngalamun,jol teh Anggun ngareuwaskeun kuring.
“Hayo,ngalamun wae!! ngalamunkeun saha sih? ngalamunkeun Anggunnya…?” ceuk
Anggun. “Astagfirullah,Anggun ngareureuwas wae” ceuk kuring. “Da eta sih
ngalamun wae” ceuk Anggun. “Sanes kitu Nggun,kuring teh keur ngerjakeun carpon.
Saking ku sesah na jadi kabawa ngalamun” ceuk kuring. “Sanes carpon teh tugas
di bumi…? Kunaon di kerjakeun di sakola…?” ceuk Anggun. “Hilap Nggun
inget-inget teh bieu we tos pangajaran ka hiji” ceuk kuring. “Hmm,hilap apa
hilap” ceuk Anggun. “Beneren Nggun hilap,maenya Fedi ngabohong ka Anggun” ceuk
kuring. “Memangna Ferdi wengi naon wae,nepi ka bisa hilap ngerjakeun tugas”
ceuk Anggun. “Hhe… ningali sepak bola Nggun” ceuk kuring. “Eu,euh atuh eta mah
lain hilap,di hilap-hilap. Pan ari wengi mah waktosna belajar,e.eh.. malah
ningali sepak bola. Ferdi…ferdi” ceuk Anggun. “Hhe… atuh da ari resep Nggun”
ceuk kuring. “Resep sih resep Fer,tapi pan ari waktosna belajar mah wayahna we
di tunda heula. Pan jadi kieu ayeuna mah,bingung pan” ceuk Anggun. “Enya-nya,atuh
da kumaha deui tos kieu kajadianana” ceuk kuring. “Hayo atuh ayeuna mah geura
kerjakeun we” ceuk Anggun. “Tapi bantosan ku Anggun” ceuk kuring. “He,eh di
bantosan” ceuk Anggun.
Saenggeus kuring loba ngawangkong jeung Anggun,kuring ngagawean deui
ieu carpon. Tapi carpon ieu mah rada gampang lantaran di bantuan ku Anggun. “Sakapeung
kuring sok bingung,kunaonnya Anggun bageur-bageur teuing ka kuring…? Lamun
kuring keur kasusahan pasti manehna nu ngabantuan,lamun kuring keur ngarasa
sareudih pasti manehna deui nu ngabaturan kuring. Kuring jadi curiga,naha
Anggun bogoh ka kuringnya…? Ngan moal mungkin, Anggun pan
geulis,pinter,sholehah deui,pokona mah top lah. Tapi kuring, kasep?
Saeutik,pinter? Boro-boro,sholeh? Alhamdulillah sih. Duh lamun bener kuring bisa
jadi kabogoh Anggun,bangga tah kuring. Tapi di pikir-pikir karunya oge lamun
Anggun jadi kabogoh kuring,Anggun alus ari kuring goreng,bisa kacau kitu mah.
Kumaha enggke we lah masalah eta mah ayeuna kuring bereskeun heula ieu carpon”
gerentes dina pikiran kuring
Teu lami kitu kuring beres ngerjakeun ieu carpon,beresna ieu
carpon pas-pasan sareng bel pangajaran nu ka dua. Kulantaran guru na teu
lebet,puguh we barudak nu di karelas sing hareureuy deui. “Haduh kamarananya
atuh guru teh,teu lebet deui teu lebet deui” kuring nyarita. Teu kungsi lila
babaturan kuring ngajak jajan ka kantin handap. “Fer urang jajan yu ka kantin
handap…!” ceuk Rizki. “Moal ah,keur teu baroga duit” ceuk kuring, “Hayu lah
gampang di jajanan ku kuring” ceuk Rizki. “Nu bener yeuh…? Ke hanas kuring
ngilu teu di jajanan” ceuk kuring. “E,eh arek moal…? Mungpung keur bageur” ceuk
Rizki. “Hayu atuh ari kitu mah” ceuk kuring. Satepina di kantin,kuring
papanggih jeung bapa kepala sakola,namina pa Suhandi. Puguh we kuring jeung Rizki
ngawangkong heula jeung pa Suhandi. “Bade jararajan jang? Ceuk pa Suhandi.
“Muhun pa” ceuk kuring jeung Rizki. ‘Hayo atuh caralik urang sabari ngawangkong
jeung bapa” ceuk pa Suhandi. “Bapa,teu biasana aya di kantin,di kantin anu
handap deui” ceuk kuring. “Enya nyaeta,bapa teh keur seuer emutan utama na mah
ka barudak SMAN 2 ieu” ceuk pa Suhandi. “emutan naon kitu pa…?” ceuk kuring.
“Bapa sakapeung sok karunya ka barudak ayeuna mah,TARALANGKE. Teu jiga barudak
baheula anu garetol,coba ayeuna mah aya aturan ti bumi na barerangkat sakola
tapi di sakola teu araya,kamarana coba…? Ceuk pa Suhandi. “Muhun nya pa,ayeuna
mah barudak teh kararitu” ceuk kuring. “Bapa mah karunya ka nasib barudak
engkena,kalakuan nu teu bener mah engke na sok teu bener deui. “Muhun da pa
nasib mah kumaha urangna” ceuk Rizki. “Tapi bapa percaya ka Ferdi sareng Rizki
mah,ku bapa di du’akeun sing jadi jelema pinter,bageur,sholeh,jeung kudu bisa
ngabakti ka kolot. Tapi emut pesen bapa tong jadi budak talangke” ceuk pa
Suhandi. “Amiin,Muhun pa insyaallah” ceuk kuring jeung Rizki.
Saenggeusna
ngawangkong jeung pa Suhandi,kuring jeung Rizki balik deui ka kelas. Teu lila
kitu bel balik sakola nisada,kuring buburu ngasupkeun buku-buku kana tas.
Sabarang kuring balik,kuring kaingetan keneh kana caritaan bapa Suhandi. Kuring
mikir ”Mangkaning kuring teh sok talangke,maureunan nasib kuring engke bakalan goreng…?
Kuring kudu ngarobah sikap kuring,mulai ti ayeuna kuring moal talangke deui”
gerentes kuring na hate. Akhirna kuring balik ka imah ngaharep bisa ngarobah
sikap talangke
Tidak ada komentar:
Posting Komentar